KAMALINAAN

Yasana: Agoes Bulé

     Klik, mareuman data internét. Bes hapé kana pésak. Cetrék nyetél radio. Keuleuweung, ngadon ceuceuleuweungan nurutan lagu nu kabeneran keur diputer, meupeuskeun kakeuheul nu dikemu jeroeun dadana. Rénghap, narik napas panjang. Inget deui kana omongan bébéndéna.
     "Hapunten, sanés teu ngartos, mung dina danget ieu mah Néng teu acan wantun nepangkeun Aa ka nu janten sepuh," ceuk manéhna basa tadi ngahaja ditelpun. Meg, angenna asa diteunggeul. Handeueul taya papadana. Rarasaan mah asa kurang kumaha, kanyaah jeung kabéla geus dibikeun ka manéhna, samalah kahayang jeung bubutuhna teu weléh dicumponan. Beuki norowéco. "Boa-boa geus apaleun?" pananyana mairan.
Ter, hapéna ngageter. "Muhun, Waalaikumsalam Bu!" rada ngageleter.
"Didamel téh tong kamalinaan teuing, Adé ti sasih kamari nanaroskeun waé, sono saurna ka Ayah!" sorana halimpu, ngageuingkeun haténa nu keur saré tibra.

#SCS_Fikmin_Abu.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!