SAKADANG LALEUR

Yasana: Dadali Manting

    Seuseupan bedah diregot. Clogna ngusik pucuk laméta, patingpelendoy kawas kabeungbeuratan waja. Geus puguh kahébos angin. Sakadang laleur muru seuseupan ka unggal tadah cileuncang.
Ngingkig ngalingling pasir, masieup jeung rorah semu hideung kahéjoan. Tapak manusa nu nindes alam, sarwa lur jauh kana adabna. Nya boroan laleur.

     Leumpang ngalanglang pasar, cocog jeung tagogna. Palumrahan dianggap kajeun, nu padahal dikudukeun mupusti tempat sabudeureun téh. Runtah lir ngeuhkeuy katebak angin, paselang jeung hiliwirna bangkarak. Manusa teu nolih, liwat lir muntenan. Nya boroan laleur deui.

     Ngalanglang-lingling dipikir leuir. Pangapungan ditanceban sésa bugang, geusan ciri pangbalikan. Meureun ngandelkeun ngambeu. Nya kitu deui manéhna hiber, sakumaha mistina keur mipindingan diri, meureun mitra kancana ogé. Ngahambalan ka saban madhab.

    Dina pangliwatan euyeub ku seuseupan, manéhna tonggoy teu maliré. "Aya boroan nu leuwih ginding, cocog keur sababaraha poéeun mah," omongna ngahawar-hawar kasasak angin.
Dadak sakala, clog dina biwir saurang manusa, anteng nyeuseupan
 "Na, teu étis teuing, wet nyeuseup palawangan basa?" pok baturna nu eunteup dina beusi bui.
"Lebar, deuleu. Bangké gegedén mah rada seger diregotna," basana reugreug ngahieng.

#SCS_Fikmin_Linting.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

SALAKI

Yasana: Lodaya Bayangan

    "Bingung dékah ku salaki ...!" Ma Erum kukulutus.

"Abong hakim garis. Unggal rék ngawajiban téh hayoh wéhvbulak-balik di sisi ranjang."

"Komo abi mah, Ceu! Akangna sok bacéo waé unggal rék naék téh!"
"Abong koméntator ménbal," Téh Ciwal mairan.

"Pami abi mah teu aya masalah, bingah nu aya pami badé sapatemon téh. Da carogé abi mah atlet angkat besi," Ceu Ros milu nyarita.

"Naon sababna?" tanya nu duaan.

"Pami badé taeun téh sok diwedakan heula, jadi wéh seuseut!"

#SCS_Fikmin_LB.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

DIAJAR NGITUNG

Yasana: Djamhur Ahmad

      “Ayeuna, Edi téh kelas sabaraha?” Bah Adung nanya incuna, Edi.

“Kelas nol besar, Bah! Tapi Edi tos tiasa maca,” jawab Edi capétang. Celengok, Bah Adung nyium incuna.

“Siapah dulu, akinyah!” Bah Adung reueus ku dirina boga incu geus pinter maca.

“Edi pasti ngétangna pinter ogé, nya?” Bah Adung ngaadabkeun manéh ka incuna. Edi aluman-alimen. Bah Adung surti. Ku naon incuna kitu.

“Kin wengi. Urang diajar ngétang, nya!” ceuk Bah Adung. Edi unggeuk.

Peutingna.
“Edi! Ari dua ditambih dua, sabaraha?” Bah Adung ngetés Edi. Edi ngitung ramo-ramona.

“Opat, Ki!”

“Genep tambah dua? Sabaraha, Di?" Bah Adung neruskeun tésna.

Deui-deui Edi ngitung ramona.
“Dalapan, Ki!”

“Pinter incu Aki! Ayeuna nu rada hésé. Ngétangna tong nganggé ramo. Sok pananganna lebetkeun kana saku lancingan, nya!” Bah Adung leuleuy mapatahan incuna. Edi nurut. Edi ngasupkeun leungeun kana sakuna.
“Edi, lima ditambih lima, sabaraha?” Bah Adung ngetés deui.

Edi ngahuleng.
“Sabelas, Ki?”

Bah Adung kerung.

#SCS_Fikmin_DjamhurA.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

CINTA TRAPESIUM

Yasana: Rumpaka Rasa.

      Haréwos mingkin haroshos meulah simpéna peuting.
"Kang geuning wet sesah palérna ati ngait meulit asih ka salira, wengi ieu karaos pisan éndahna ...." Banowati gumalindeng nyangsaya na dada "Playboy Astina" nu sarua ngagolak ku galura asmara awor jeung karumasa. Basa tingkolébat kalangkang garwa-garwana.

     Jorélat kalangkang Subadra nu matak nineung ngasongkeun teuteup deudeuh nu kareueut, baganti dilak Srikandi matak tibelat ku tomboyna. Tapi ngan sakolépat kahimpikan centilna Banowati nu kiwari na keukeupan mirunan birahina.

"Sami Kakang gé geulis, mun seug taya lalangsé mah asa hoyong salamina ...." Gumeter Arjuna di sela-sela rénghapna.

"Kapan salira uninga, nikah sareng Kakang Suyudana éstu kapaksa, abdi sungkan paanggang, Kakang ...." Semu ngarenghik, basa lalaunan Arjuna ngalésotkeun rangkulanana.

"Pileuleuyan geulis, wengi énjing tepang deui ...." Arjuna ngusap citangis nu malibiran damis nu geulis.

     Sawatara di tempat lain sarua sapasang panon beueus, nyérangkeun. Rasana gudawang kacacag, ati lungkawing katurih batin jumerit ngageuri.

"Teungteuingeun geulis, tatu téh teu kaur lita ...." Aswatama gumerendeng taya daya.

#SCS_Fikmin_Rump.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!



RINGKANG KAMELANG

Yasana: Kang Emsur

    Sacangkir kopi tiis masih nyésa, mangsa wanci sariak layung nu pagalo antara jempling jeung serebungna haseup candu kasono anu mumbul kana hateupning wiati

    Dina sésa wanci éta pisan, pangangguran nulis puisi ngagurat sajak sapadalisan anu teuing keur saha. Na geuning, puisi anu ditulis kalah taya harti, sajak anu digurat taya makna anu sajatina rasa. Gap, kana hitar butut anu nyampai dina tilam katresna. Jentréng-jentréng, ngahaleuang dangding sugan aya anu sumanding, tapi geuning henteu keuna kana wirahma, teu napak kana laras.

   Teu karasa, wanci sariak layung geus pamitan kasilih ku peuting anu seja midang. Koloyong, dina ruku jeung sujudna.
Dekul deui, marengan tepas anu simpé jeung sésa tiisna cikopi. Ngahurungbalung neuteup poékna peuting. Sakolépat, anjeun datang dina ringkang anu mawa kamelang.

#SCS_Fikmin_Emsur.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

UNI DÉTI

Yasana: Agoés Bulé

     Ukur malédogkeun imutna, basa kuring nganuhunkeun kana paméréna. Uyuhan diburuhan gé, piraanan ukur ngelim gamis dua siki, bubuhan wé jelemana béréhan, tara ieuh itungan, paribasa keun waé itung-itung keur jajan budak.

     Da jeung enyana deuih, ka manéhanana mah loba nu mikaresep, enya ogé loba harta, tapi soméah. Hadé basa ka sasama. Katurug-turug boga rupa. Pikayungyuneun.

     Panasaran. Ragamang kana pésak, nyokot duit nu tadi ditampanan. Hookkeun. "Naha gedé-gedé teuing, moal kitu salah méré mah ...?" ceuk haté. Jung cengkat. Rék disusulan, susuganan aya kénéh. Teu kebat, kaburu pasarandog jeung dunungan. "Din, wayahna tong waka mulang, Abang rék ka pajaratan heula ...!" pokna, katingali semu carinakdak.
"Saha kitu Dén, nu ngantunkeun?"
"Uni Déti, kamari tabrakan. Maotna mah tadi beurang."
Gebeg! Satengah teu percaya. Apan manéhna téh, cikénéh ti dieu.

#SCS_Fikmin_Abu.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

TUMBAL RATU GANJEN

Yasana: Moyya

     "Aaargh!" goak Rani dibarung ngadudutan kulit beungeutna nu ujug-ujug karényod bari sawaréh narapel kana dampal leungeunna.
"Bongan anjeun, rék wani mungpang kana ikrar baheula, geus rék dua purnama kaula nyamos, tumbal ti anjeun teu jol waé," ceuk nu ngaringkiwik dina kaca.
"Ampun, Ratu Ganjen! Ayeuna pisan putu seja nedunan," sora Rani anu robah jadi sora kolot, tuluy ngiles, basa manéhna ngajleng kana jandéla. Tuluy leungit diteureuy poékna peuting.
Nu ngajanteng dina kaca ngilu ngiles.
Nyi Éha bati kocéak dengék, midangdam anakna nu leungit teu pupuguh sabot manéhna ka dapur.
     Wanci haneut moyan. Rani ngulusik tuluy cengkat, bréh dina eunteung, beungeutna nu lemed deui.
Nyéh manéhna kéom, gap kana Hapé. "Mangga say, Rani siap ngaréncangan dugi énjing," SMS balesan ti Rani ka lalaki nu rék ngaboking manéhna engké peuting.

#SCS_Fikmin_Moyya.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

NYIR

Yasana: Basyar Isya

“Néng, punten badé tumaros. Dupi Jalan Cagak téh palih mana?”

“Oh, sakedap deui, Kang. Aya satengah kilo deui mah. Upami ka palih katuhu arah ka Garut. Tah upami ka palih kénca mah ….”

“Ka mana tah, Néng?”

“Muhun, ka bumi sepuh abdi …,” pokna bari kéom.

#SCS_Fikmin_BI.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

ONGKOS ANGKOT KEUR NINI-NINI

Yasana: Ardasim Sigarantang

     Nyimak obrolan Si Nini jeung kenék angkot.
"Cing atuh Ni, mayar ongkos téh ngan lima ratus pérak," ceuk kenék kumerung.
"Har ... sugan téh saiklasna!" témbal Si Nini.
"Saiklasna kumaha ari Nini …?“
"Pédah wé tadi nempo nu mayar, aya nu dua réwu, aya nu saréwu lima ratus, aya ogé anu ngan saréwu pérak," Si Nini parotés.
"Da éta mah ongkos budak sakola, anu calanana kulawu dua réwu, anu calanana bulao saréwu lima ratus, anu calanana beureum saréwu pérak," pok kenék ngatrakeun.
"Oh, nya meujeuhna atuh Nini mayar lima ratus perak!”
"Naha?" kenék hémeng.
"Apan Nini mah teu maké calana," témbal Si Nini bari némbongkeun munuuna.

#SCS_Fikmin_AS.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

SORA EMAS

Yasana: Agus Sugianto Jr

     Nalika tujuh belasan pasti bakal loba karaméan boh keur budak pon kitu deui budak nu geus budakan, sok pasti aya panggung pongdut atawa orgen tunggal.
     Ketua pamuda sok mirajeunan nyiar dana ka unggal warga katut ka wadya SCS teu kalangkung disuhunkeun donasi kanggo ngareuah-reuah tujuh belasan.
"Kéla dak ari tujuh belasan téh tanggal sabaraha?" Aki Karta nanya Jang Sutta.
"Pami teu lepat mah ping 32, Ki," walon Si Sutta teu euleum-euleum.
"Wah borona mah Aki téh rék nyumbangkeun sora emas dina panggung!" ceuk Ki Karta bari ngarahuh.
Sutta buncelik bari malik pok nanya, "Sora emas kumaha Ki?"
"Heueuh pan ké Aki téh naék tah ka panggung tuluy ngomong hareupeun wadya balad SCS, inilah suara emas Karta," ceuk Ki Karta bari ngadédod mulang.
"Dasar aki-aki tujuh mulud hanas dibandungan," Si Sutta gagaro teu ateul.

#SCS_Fikmin_ASJR.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

CARELESS WHISPER

Yasana: Rumpaka Rasa

     "Come on please, honey ...!" Nick ngasongkeun Whisky dina gelas pamungkas. Gap, ditampanan. Ngangkleung malidkeun sagala rasa, nu lawas ngeuyeumbeukeun tineung.
Ngantep awak diragap dikeukeuweuk dina "Careless Whisper"na George Michael, nu mirig rigig jajap réngkak jeung rénghap ngawang-ngawang marengan jangjang peuting.
"I feel so unsure ...," antaré ngayun- ambing élingan.
"Sudira ...!" haréwos ditompokeun sabot gado nyangheuy na taktakna.
"Kuring keueung, kahayang mah teu kudu miang ...," peureum na rangkulan.
"Sudira, ka saha ngangluhkeun deui ieu bangbaluh. Naha keukeuh rék ngudag impian ka nu anggang geuning ...?" Rangkulan mingkin pageuh basa angin nu ngahéab niup embun-embunan ngarérab régang-régang galura na dada.
     Peuting di ponclot simpé, hawa nyongkab ngaléntab ngaduruk rasa.
Awor antara napas jeung cimata.
"We could have been so good together ... we could have lived this dance forever ...," beuki murubut cipanon teu kaampeuh.
"But now ... who's gonna dance with me ... Please stay ...!" lapat-lapat katingali gupay anjeun ti langit
Cardiff.
"Kuring lara, Sudira ...!"

#SCS_Fikmin_Rump.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

KALANGKANG

Yasana: Sungkawa Yopi

     Peuting karasa beuki simpé. Padahal asa cikénéh bedug Magrib. Hujan anteng ngaririncik nambahan kasimpé haté. Asa pugag rék lunta ti imah téh, padahal ieu beuteung asa murilit ménta dieusi.
"Rék meuli emih ah ka warung Bi Nani," gerentesna. Barang bray mukakeun panto imah gebeg ... kapireng di hareupeun manéhna aya jirim keur nangtung ngagayabag. Disidik-sidik, tuh imutna, kumisna, dedeganana, sidik manéhna.
     Gabrug dirangkul, "Kang ... naha sumping téh teu masihan iber heula? Sono ka Engkang abdi téh, Kang," ceuk Enung bari ngagaléntoran jirim nu ditatangkeup. Celengok ... jedak ...
"Aduuuh ... Gusti... naha bet ngagaléntoran tihang aing téh?" Enung kukulutus bari ngusapan biwirna nu jeding balas tidagor.

#SCS_Fikmin_SY.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

MANÉHNA

Yasana: Nu Pang Edun Na

     Peuting nu simpé, nambahan bangbaluh haté. Haté ngajerit, pikiran kumalayang, ngimpleng mangsa ka tukang.
Beuki lila asup kana alam lamunan, ieu panon beuki hésé dipeureumkeun.
     Clak, cipanon ragrag. Maseuhan pipi. Ras inget kajadian tadi beurang, teu kahaja kuring panggih jeung manéhna, nu baheula kungsi ngeusian ieu haté.
"Emh, Lis! Sanajan urang geus pada-pada boga, sanajan bati geus pada-pada dua, rasa kacinta nu maskét ka anjeun, salalawasna moal leungit!" gerentes haté.
     Kuring cengkat, ninggalkeun barudak jeung indungna nu keur ngalanglang alam impian, dina simpéna peuting. Ngahaja kuring rék nuluykeun deui carita nu baheula, rék meungkeut deui tali nu kungsi pegat. Jeung manéhna.

Nya ngagémbol karung.

#SCS_Fikmin_Endun.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!

PHP (Parawan Hésé Panggihna)

Yasana: Lodaya Bayangan

     "Hésé nya Mang nyiar parawan téh. Ukur mérék wungkul, segelna mah geus ruksak," Entod curhat ka Mang Omod.
"Babari Tod, déngékeun wéh sora kiihna. Lamun Spriiit ... éta parawan. Lamun Coocoolaaa ... éta randa," Mang Omod méré bongbolongan.
     Dua poé ti harita.
"Kumaha Tod hasilna?" tanya Mang Omod.
"Beuki bingung Mang!"
"Na kumaha sora kiihna?" Mang Omod panasaran.
"Ka saawaah ...!" walon Entod.
"Beu, éta mah mindeng teuing ditanduran atuh!"

#SCS_Fikmin_LB.

Balik deui ka beranda, klik di dieu!